14/08/21

Maqtal Imam Husen as

 1

Imam Husen imam kaum mustadh`afin

Ngocorkeun getihna

Ngajait nasib nu leutik

Ngabela umat tunggara

2

Tara sepi pamingpin anu munafik

Ngabobodo rayat

Majar Islam nu diaping

Padahal mangeran dunya

 

3

Yazid nyebut maneh Amirul mu`minin

Raja nagri Islam

Bari solat bari haji

Kalakuan euwah-euwah

 

4

Rayat ceurik balilihan ting jarerit

Hartana dirampas

Jasmanina dinyenyeri

Jaba batin digerihan

 

5

Imam Husen sumegruk bari lumengis

Di makam eyangna

Bari ngeprikkeun kasedih

Ngemutan umat nu lara

 

6

Islam nu hak kalandih ku Islam batil

Imam ditebihan

Nu ngagem Islam nu asli

Dicempad majarkeun murtad

 

7

Imam Ali nu nyangking wasiat Nabi

Pahlawan khaibar

Kakasih Rabbul Izzati

Dila`nat di mimbar-mimbar

 

8

Di Karbala poek mongkleng sepi jempling

Panon poe sirna

Murubut hujan ti langit

Hujan getih jeung cimata

 

9

Di Karbala ngababatang raga suci

Putrana Fatimah

Deudeuh teuing putu Nabi

Ditandasa ku umatna

 

10

Mastaka nu sok diambung Kanjeng Nabi

Kiwari papisah

Ti jasad kakasih Gusti

Ditancebkeun dina tumbak

 

11

Di Karbala ngagolontor getih suci

Ti para syuhada

Anu tigin kana jangji

Bumela ka Imam Jaman

 

12

Kumaha rek kenging syafaat Jeng Nabi

Umat nu hianat

Ngiclik nuturkeun si iblis

Bahula ka Rasulullah

 

Kanjeng Rasul, hapunten abdi nu dolim

Nu teu mirosea

Perlaya na putu Gusti

Al-Husen Abu Abdillah

 

[dianggit ku Pangersa Guru KH Dr Jalaluddin Rakhmat MSc adalah Ketua Dewan Syura IJABI]